Translate

Home » » Humor Sunda(Dukun Jeung Cakcak)

Humor Sunda(Dukun Jeung Cakcak)



DUKUN Jeung CAKCAK


Si juned (nami Samaran) sok rada minder wardeg sabab SI JAGURna rada leutik jeung pondok. deuk datang ka ma Erot kaburu maot ma erotna.Meunang saran datang ka Ma ARCIE cenah mah murah jeung metu. Hiji waktu datang weh si Juned ka Ma ARCIE, deregdeg di budalkeun kahayangna. "Ah, gampang tah ieu cai sok burakeun ka si Ujang" ceuk MA Arcie bari ngasongkeun cai na botol plastik. Teu ngadagoan dititah langsung manehna ka wc. di wc kadangu sora PUAH...PUAH tanda keur ngaburaan. Tuluy nyampeurkeun deui ka si Ema, bari ngomong "atos Ma" bari rada marahmay, kulantaran katinggal jeung karasa langsung aya parobahan" Nyaan hebat Ma Arcie," caritana na jero hate "euh sukur we ari enggeus mah, ngan kade aya pantangannana" Ceuk Ema. " Naon ma pantanganna?" tembal si juned. "kade teu meunang ngadenge Cek.cek.cek." " Oh, kitu mah Enteng lah" tembal si Juned ngagampangkeun. Geus kitu balik weh si Juned. Kandaraan anu aya ka Ma Arcie teh ngan keretek jeung ojeg. "ah, ambeh rada murah kana keretek we" gerentesna. Nepi weh ka imahna. Teu dililakeun bus ka kamar porosot calana di porosotkeun barang ditinggali alah naha angger keneh. "Si Ema teh kumaha, sihir sigana mah ari di taeun si ema badag na di imah ngaleutikan deui, Ah isukan deuk ka si ema deui" Gerentesna teh.
Akhirna si Juned datang deui ka Ma Arcie, komplen caritana mah.
"Cik ari balik ti dieu kanu naon?" Tanya Ma Arcie.
"Kana Keretekma" tembalna.
" Cik inget pantangan ti ema kumaha?"
" emut, ma teu meunang ngadangu Cek.Cek.Cek".
"TAh, ari kusir keretek rek sina maju kumaha?"
Si Juned langsung nepak sirahna, ka kara kaingetan. "kumaha atuh ma ayeuna?" omongna menta diubaran deui.
"Heueuh burakeun deui we atuh ieu!" bari ngasongkeun cai na botol. Sakumaha nu enggeus si Juned ngalakukeun anu kamari. geus kitu pamitan. "Ah, mola kanu keretek ayeuna mah, deuk leumpang we jalan motong ngaliwat sawah" gerentesna, Dina galengan sawah aya jelema keur nagog ngurek belut. "bari nyebut punten manehna ngalengkahan nu keur ngurek,"punten, ah" kunu ngurek teu ditembalan da keur asik ngasupkeun urekna kana liang bari Cek..cek cekan mikat belut" Si Juned ngadangu tapi teu malire saking atoh ngabayangkeun bobogaanana anu bakal badag jeung panjang. Siga anu biasa nepi ka imah ucul-ucul barang ditinggali, hah geuning angger keneh. Aduh Si Ema teh Kumaha.
Isukna si Juned balik deui ka Ma arcie.
"Ari balik jalan kamana?" tanya ema
"motong jalan ka sawah, ma".
"Papanggih jeung jelema anu ngurek belut teu?"
"panggih,Ma."
'' Cik ari ngasupkeun urek kana liang sok kumaha?"
" aduh enya kuring poho,.....aduh ma cik sakali deui we ubaran"
"heueuh tah atuh caina"
Tungtungna geus tatamba balik weh, ayeuna mah deuk kana ojeg we, bae mahal oge nu menting salamet. Enya we di jalan teu manggih sora cek..cekan.
Nepi ka imah di kamar ditinggali "walah badag enjum."
Peutingna si Juned ngagusur pamajikannana ka kamar biasa hayang sapatemon jeung deuk hayang ngabuktikeun ka nyaah ka pamajikan.
"nyi tinggali ieu nu akang"
"aduh akang mani badag-badag teuing."
Keur ditinggali ku pamajikan. teuing timana bijilna eta cak cak bari disada
Sadar ngadangu sora cak-cak si Juned langsung memerik cak-cak.
hik...hikk..gr..gr..gr..glk..glk
Share this article :

0 komentar:

Post a Comment

 
Support : Copyright © 2011. Intisari Pendidikan.blogspot.com - All Rights Reserved