Cai Mujarab
Aki jeung Nini si Juned ngan guntreng jeung guntreng parasea. Anu jadi cukang lantaran tina pasoalan cai. Kieu caritana. Aki si Juned tatamba ka hiji dukun anu tempatna di bukit kembar, cenah mah dukun eta teh bisa ngubaran sagala panyakit. Ari aki si Juned boga panyakit huntuna parunglakan wae, nya supaya teu kateterusan akhirna manehna mutuskeun kudu tatamba, ku sakadang dukun lepus aki si Juned dibere cai sabotol gede. cenah cai teh kudu dikekemukeun. Nepi ka imah wanci magrib cai na botol teh dieurihkeun kana cangkir emuk, tuluy disimpen dina meja makan di dapur, cai teh kakara diinum satengahna. tuluy weh sare.
Tengah peuting si nini hudang muru ka wc, blus ka kamar mandi, cai di bak kosong, kulantaran si Akina indit-inditan jadi teu ngeusian bak. ku sabab geus ka belet hoyong pipis, si nini ninggali dina emuk masih keneh aya caian. atuh dipake cecewok (beberesih) tah cai dina emuk.
Sabulan ti harita si nini lamun diuk teh ngan usad ised we. ditanya ku tatanggana, "jawabna teh ateul ,,,,anu".
Si Aki kitu deuih ngan ngongome gusina, sakapeung sok ngegelan sendok, cenah mah ateul gusi teh. Saminggu ti harita katembong dina gusina aya anu barodas, oh cikal bakal huntu meureun."nyaan manjur tah dukun teh"
Anu parah mah si nini???????
Translate
Subscribe to:
Post Comments (Atom)












0 komentar:
Post a Comment